Contoh Pidato Bahasa Sunda Tentang Kebersihan

Ada materi tentang pidato bahasa sunda nih.Sentra edukasi dan informasi blog akan memberikan materi terbaru ini dibawah, yaitu  Contoh Pidato Bahasa Sunda Tentang Kebersihan :




Assalamualaikum Wr.Wb


Rerencangan sadayana

   Sateuacanna, mangga urang panjatkeun puji syukur ka gusti nu maha suci.
   Babaturan sadayana anu kusimkuring dipihormat. Dina waktos ieu, abdi bade ngadugikeun biantara anu topikna "Kabersihan Lingkungan".
   Hirup sehat teh penting kanggo urang sadayana. Urang teh wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayeuna.

   Dina salah sahiji hadits diterangkeun. Anu hartosna "Kabersihan teh sabagian tina iman". Tina hadits eta, urang tos ngartos maksud sareng tujuana, nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadayana iman ka Allah, berarti urang kudu bersih jeung suci tina sagala kokotor boh eta hadas alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun urang teu suci. Bersih eta, sadaya anu di dasarkeun tina bersihna jeung sucina urang sareng lingkungan disakitar urang.  Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.
   Kabersihan teh aya loba macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, serta bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu ka asup kana jalma anu bersih sadayana. Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo ka saean urang sadayana.
   Sakitu anu simkuring dipihatur, hapunten upami aya kasalahan.

Wassalamualaikum Wr.Wb

Jangan lupa untuk memberikan kesan yang berbeda apabila Anda ingin meniru Naskah pidato ini.

8 comments:

Silahkan berkomentar !